didamel ku teh uti
Nulis sakieu wungkul ge kesangan ngoprot. Naha meni jadi karagok pisan nganggo basa Sunda?! Ieu ge ditulisna bari sabaraha kali bulakbalik ningali kamus. Jiga tulisan budak SD nya? T___T
Sateuacanna, abdi sok ngaraos aneh pami ningal jalmi (nya rerencangan, nya nu teu kenal) nu siga nu hilap ka bahasa aslina. Sok ningal sababaraha kali nu tos lami calik di luar negri misalna, teras janten karagok pami nyarios nganggo bahasana nyalira teh. Abdi mikirna, "Naha bet tiasa nya? Pan ti alit teh nyariosna bahasa ibuna". Eh geuning ayeuna abdi ngaraosan nyalira, meni tos seueur hilap nyarios atanapi nyerat ngangge bahasa Sunda, padahal ti alit dugi ka SMP mah abdi calikna di Garut, unggal dinten nyariosna nya ngangge basa Indonesia. Muhun, ti babar dugi ka kira-kira yuswa belasan taun, bahasa Sunda janten bahasa abdi komunikasi sareng rerencangan oge kulawargi. Undak usuk basana teu sae ti basa eta oge, mung nya tadina mah lancar nyarios sareng sepuh oge. Ayeuna mah tos teu pati wantun nyarios ngangge basa Sunda sareng nu langkung sepuh, da hawatos bahasana kirang lemes.
Waktos di kampus, pan abdi ngiringan unit seni Sunda. Pan kedahna mah seueur nu nyarios basa Sunda nya? Aya memang nu sadidinten nyariosna ngangge basa Sunda, mung seueurna pameget. Ari pameget mah pan pami nyarios sareng rerencangan nganggena bahasa loma nya, abdi nyalira ngaraosna kirang sae pami nguping istri nyariosna teu lemes. Di rorompok dibiasakeunna nyarios ngangge basa nu lemes sanajan teu numutkeun undak usukna, mung janten kacacandak teu biasa nyarios ngangge bahasa loma, padahal teu terang oge kumaha nu leresna. Jantenna langkung milih ngangge basa Indonesia weh, hasilna hilap ka basa Sunda.
Ayeuna abdi tambih tebih ti Garut, ti tatar Sunda, sadidinten ngobrol paling sering nya sareng caroge nu teu patos ngartos basa Sunda. Janten ngaraos handeueul, pami abdi nu asli urang Sunda wae tos hilap ka basana nyalira, nya saha deui atuh nu bade ngalestarikeun nya.
***
Nulis sakieu wungkul ge kesangan ngoprot. Naha meni jadi karagok pisan nganggo basa Sunda?! Ieu ge ditulisna bari sabaraha kali bulakbalik ningali kamus. Jiga tulisan budak SD nya? T___T
Tidak ada komentar:
Posting Komentar